STRUKTUR INTRINSIK JEUNG UNSUR BUDAYA DINA NOVÉL TANJEUR NA JURITAN JAYA DI BUANA KARANGAN YOSÉPH ISKANDAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA.

 37  288  34  2017-07-21 11:21:59 Report infringing document
No. 636/FPBS/0251/2013 STRUKTUR INTRINSIK JEUNG UNSUR BUDAYA DINA NOVÉL TANJEUR NA JURITAN JAYA DI BUANA KARANGAN YOSÉPH ISKANDAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA SKRIPSI Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa daerah ku Winda Rohayani 0906556 JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana Karangan Yoseph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra di SMA Oleh Winda Rohayani Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan seni © Winda Rohayani 2013 Universitas Pendidikan Indonesia Juni 2013 Hak Cipta dilindungi undang-undang. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis. LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI WINDA ROHAYANI 0906556 STRUKTUR INTRINSIK JEUNG UNSUR BUDAYA DINA NOVÉL TANJEUR NA JURITAN JAYA DI BUANA KARANGAN YOSÉPH ISKANDAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA Disaluyuan jeung disahkeun ku : Pangaping I, Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001 Pangaping II, Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. Kauninga ku Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia, Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu STRUKTUR INTRINSIK JEUNG UNSUR BUDAYA DINA NOVÉL TANJEUR NA JURITAN JAYA DI BUANA KARANGAN YOSÉPH ISKANDAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA1) Winda Rohayani 2) ABSTRAK Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan struktur intrinsik dan unsur budaya dalam novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana yang dijadikan bahan ajar apresiasi sastra di SMA. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analisis dengan menggunakan teknik telaah pustaka. Hasil penelitian ini menyimpulkan bahwa novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana bercerita mengenai seorang pemimpin yang memiliki sikap tanggung jawab. Selain itu novel ini membahas mengenai pentingnya toleransi antar umat beragama. Alur dari cerita novel ini adalah maju dan tokoh utamanya adalah Prabu Wangisutah. Secara umum, latar tempat dalam novél kebanyakan di daerah kekuasaan Kerajaan Sunda dan daerah kekuasaan Kerajaan Majapahit. Dalam penulisan novel ini pengarang menggunakan sudut pandang orang ketiga karena pengarang ada di luar cerita, selain itu pengarang juga menggunakan beberapa gaya bahasa dan pakeman basa serta bahasa Sunda buhun. Bahasa yang tergambar dalam novel ini ada lima, yaitu Kawi, Jawa, Sunda, Arab, dan Sunda buhun. Sedangkan penerapan ilmu pengetahuan tergambar di saat mencari makanan di alam dan pengetahuannya mengenai gejala alam. Sistem organisasi dalam novel ini tergambar dalam kegiatan gotong royong dan sistem mata pencahariannya sangat beragam. Sistem religi yang terdapat dalam novel adalah agama Karuhun Sunda, Hindu, Budha, dan Islam. Selain itu, macam kesenian pun banyak ditemukan dalam novel ini. Hasil temuan ini direkomendasikan untuk jadi bahan ajar sesuai SKKD mata pelajaran bahasa dan sastra Sunda. Kata kunci : novel, struktur intrinsik, unsur budaya, dan bahan ajar v Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1) 2) Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009 STRUKTUR INTRINSIK JEUNG UNSUR BUDAYA DINA NOVÉL TANJEUR NA JURITAN JAYA DI BUANA KARANGAN YOSÉPH ISKANDAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA1) Winda Rohayani 2) ABSTRACT This study aims to describe intrinsic structure and cultural elements of novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana that made teaching materials in appreciation of literature in high school. This study uses descriptive analysis using the techniques of literature review. The result of this study concludes that novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana talks about a leader who has responsibility besides, the novel describes the important of inter-religious tolerance. The plot of this novel is the story forward and the main actor is Prabu Wangisutah. Most of place setting in this novel is in area of Sunda Kingdom and the Kingdom of Majapahit. In this novel, the author uses the third person of point of view because of the author is in outside, of the story besides the author uses some language stiles and proverb as well as Sunda Buhun language. There are five languages described in this novel such as Kawi, Jawa, Sunda, Arab, and Sunda Buhun. While the application of knowledge described in looking for food in nature and the knowledge of natural phenomenon. Organization system in this novel described in the cooperative living and the earn for living sre very vary. Religion system in the novel is Karuhun Sunda, Hindu, Budha, and Islam. Besides, there are many arts founded in this novel. The result of this study is recommended to be teaching materials according to SKKD of language and literature Sunda lesson. vi Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Key words : novel, intrinsic structure, elements of cultures, and teaching materials 1) 2) Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009 vii Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI Kaca PANGJAJAP ...................................................................................... i CATUR NUHUN ................................................................................ ii ABSTRAK .......................................................................................... v DAPTAR EUSI ................................................................................... vi DAPTAR TABÉL .............................................................................. ix DAPTAR BAGAN ............................................................................. x DAPTAR GAMBAR .......................................................................... xi DAPTAR LAMPIRAN ...................................................................... xii BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah .......................................................... 1 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ........................................... 4 1.2.1 Watesan Masalah ................................................................... 4 1.2.2 Rumusan Masalah .................................................................. 4 1.3 Tujuan Panalungtikan ............................................................... 5 1.3.1 Tujuan Umum ........................................................................ 5 1.3.2 Tujuan Husus ......................................................................... 5 1.4 Mangpaat Panalungtikan .......................................................... 5 1.4.1 Mangpaat Téoritis .................................................................. 5 1.4.2 Mangpaat Praktis.................................................................... 6 1.5 Sistematika Nyusun Skripsi ..................................................... 6 BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG ANGGAPAN DASAR 2.1 Ulikan Tiori .............................................................................. 8 2.1.1 Novél ...................................................................................... 8 Vi Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu vii 2.1.1.1 Wangenan Novél ............................................................... 8 2.1.1.2 Ciri-ciri Novél ................................................................... 9 2.1.1.3 Kamekaran Novél ............................................................. 9 2.1.1.4 Wanda Novél ..................................................................... 13 2.1.1.5 Papasingan Novél dumasar Témana ................................. 14 2.1.1.6 Struktur Intrinsik Novél .................................................... 16 2.1.2 Budaya ................................................................................... 26 2.1.2.1 Wangenan Budaya ............................................................ 26 2.1.2.2 Wujud Kabudayaan ........................................................... 26 2.1.2.3 Unsur-unsur Budaya ......................................................... 27 2.1.3 Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra ....................................... 31 2.1.3.1 Bahan Pangajaran .............................................................. 31 2.1.3.2 Mata Pelajaran Basa Sunda ............................................... 32 2.1.3.3 Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ................................................... 2.1.3.4 Standar Kompeténsi Lulusan SMA/SMK/MA ................. 32 32 2.1.3.5 Novél pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra ............ 34 2.2 Raraga Mikir ............................................................................ 36 2.3 Anggapan Dasar ....................................................................... 48 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data .......................................................... 40 3.2 Desain Panalungtikan ............................................................... 40 3.3 Métode Panalungtikan .............................................................. 41 3.4 Wangenan Operasional ............................................................ 41 3.5 Instrumén Panalungtikan .......................................................... 43 3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ...................................................... 46 3.7 Téhnik Ngolah Data ................................................................. 57 BAB IV ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI STRUKTUR Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu viii INTRINSIK JEUNG UNSUR BUDAYA DINA NOVÉL PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA 4.1 Kahanan Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana ................. 48 4.1.1 Jati Diri Novél ........................................................................ 48 4.1.2 Déskripsi Pangarang jeung Novél ......................................... 48 4.1.3 Sinopsis Carita Novél ............................................................ 51 4.2 Analisis Struktur Intrinsik Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana ....................................................................................... 64 4.2.1 Téma jeung Masalah .............................................................. 64 4.2.2 Galur ...................................................................................... 67 4.2.3 Palaku .................................................................................... 70 4.2.4 Latar ....................................................................................... 84 4.2.5 Judul ....................................................................................... 99 4.2.6 Puseur Sawangan ................................................................... 100 4.2.7 Gaya Basa, Pakeman Basa, jeung Basa Sunda Buhun .......... 101 4.3 Analisis Unsur Budaya Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana ....................................................................................... 116 4.3.1 Basa ........................................................................................ 116 4.3.2 Sistem Élmu Pangaweruh ...................................................... 118 4.3.3 Sistem jeung Organisasi Kamasarakatan ............................... 120 4.3.4 Téknologi ............................................................................... 121 4.3.5 Sistem Pakasaban ................................................................... 126 4.3.6 Sistem Réligi jeung Upacara Kaagamaan .............................. 132 4.3.7 Kasenian ................................................................................ 135 4.4 Bahan Ajar Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Novél pikeun Pangajaran Aprésiasi Sastra di Kelas XI SMA.......................................................................................... 137 BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan .............................................................................. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 145 ix 5.2 Saran ........................................................................................ 148 DAPTAR PUSTAKA ......................................................................... 149 LAMPIRAN ........................................................................................ 151 RIWAYAT HIDUP ............................................................................ 187 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah Dina kahirupan masarakat sapopoé loba kapanggih kabiasaan-kabiasaan anu dilaksanakeun tur ngajanggélék jadi kabudayaan. Kabudayaan mangrupa salasahiji hasil pamikiran manusa anu asalna tina kabiasaan nu jadi ciri tina éksisténsina hiji golongan masarakat. Numutkeun Kamus Basa Sunda beunang R.A. Danadibrata, budaya mangrupa ringkesan tina dua kecap “budi” jeung “daya” anu hartina usaha, tanaga, karep, pikiran, sarta parasaan jelema. Kabudayaan sorangan nya éta hasil tina, karep, pikiran, sarta parasaan jelema pikeun nambahan kasenangan jeung kani’matan ku rupa-rupa akal. Luyu jeung pamadegan Koentjaraningrat (2002: 180) yén budaya téh nya éta sakabéh gagasan jeung karya manusa, anu kudu dibiasakeun ku cara diajar, sarta sakabéh hasil budi jeung karyana éta sorangan. Kitu ogé karya sastra, mangrupa hasil cipta karya manusa anu maké alat basa. Demi fungsina rupa-rupa, salian pikeun nambahan pangaweruh ogé minangka salasahiji sarana hiburan. Ku cara maca karya sastra, hiji jalma jadi apal kana hal anu leuwih jembar deui. Ku cara maca karya sastra urang bisa jadi ngarasa bungah, senang, sedih, keuheul atawa ambek balukar pangaruh eusi éta karya. Komo deui pikeun nu nyiptakeun éta karya sastra atawa nu sok disebut pangarang. Upama hiji jalma nyieun karya sastra atawa ngarang karya sastra, hiji jalma bisa ngetrukeun sagala kanyahona kana éta karya sangkan karyana miboga mangpaat pikeun balaréa. Salian ti éta, karya sastra bisa ogé dijadikeun sarana pikeun para pangarang ngaéksprésikeun perasaanna. Teu ngan saukur pikeun para pangarang nu geus boga ngaran hungkul, tapi ogé pikeun saha baé nu resep nulis, resep ngarang. Ku cara nyieun karya sastra, pangarang bisa ngébréhkeun pamaksudan sarta ngaéksprésikeun parasaanna kalawan jujur. 1 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Hususna dina karya sastra novél, sifatna mémang fiksi. Tapi dina novél ieu gé bisa disalusupkeun kajadian anu enya-enya kajadian salaku pangalaman atawa kajadian sajarah. Dina karya sastra aya gaya basa nu digunakeun sangkan caritana karasa leuwih hirup, leuwih keuna kana mamanah nu macana. Ku kituna karya sastra ngandung rupa-rupa ajén anu luhur. Ajén anu aya dina karya sastra diantara ajén falsafah, ajén budaya, ajén kaagamaan, ajén psikologis, jeung ajén moral. Salian ti ngandung ajén-ajén anu geus disebutkeun tadi, karya sastra ogé miboga struktur pangwangunna. Struktur nya éta komponén-komponén anu ngawangun hiji karangan. Komponén atawa unsur anu ngawangun karya sastra nya éta téma, galur/plot, latar, gaya basa, palaku, watek, jeung amanat. Dina kahirupan sastra Sunda, salasahiji cara pikeun maluruh kamekaran sastra Sunda nya éta kudu niténan sawatara hasil karya sastra nu gelar dina periode anu tangtu. Diantarana aya karya sastra Sunda buhun jeung modern. Nu kaasup kana karya sastra buhun nya éta saperti mantra, carita pantun, carita wayang, sawér, wawacan, pupuh, guguritan, pupujian, jeung kakawihan. Ari nu kaasup kana karya sastra modern nya éta kayaning sajak, carpon, novél, jeung drama. Salasahiji karya sastra Sunda modern nya éta novél. Novél mémang lain produk asli ti urang Sunda, novél datang ti budaya deungeun. Sok sanajan kitu, urang sunda ogé ilubiung kana kamekaran novél. Novél anu pangheulana gelar di Tatar Sunda nya éta Baruang ka nu Ngarora karangan Daeng Kanduruan Ardiwinata anu gelar dina taun 1914. Hal éta nuduhkeun yén karya sastra novél Sunda leuwih tiheula gelarna dibanding jeung novél dina basa Indonesia atawa basa Malayu, lantaran novél nu munggaran gelar dina basa Malayu nya éta Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar anu gelar dina taun 1920. Jaman harita anu sok medalkeun buku nya éta pamedal Balai Pustaka. Tapi sanggeusna rentul koran-koran, karya sastra novél téh mindeng dimuat dina koran dijadikeun carita nyambung. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 Jadi cindekna mah novél nu mekar di Tatar Sunda lain pangaruh tina sastra Indonesia atawa sastra Malayu sabab tétéla novél maké basa Sunda nu leuwih tiheula gelarna sok sanajan nu ngarangna lain urang Sunda pituin. Hanjakal teu loba masarakat anu apal kana ieu informasi. Upama urang niténan karya sastra Sunda, tong boroning nu buhun dalah karya sastra modern ogé ari wangunna maké basa Sunda mah langka nu maca. Paribasa teu ngarti kana basana. Hal éta ngalantarankeun teu loba pamedal nu medalkeun karya sastra Sunda, sakalina aya nu butuh néangan kokotéténgan hésé pisan. Padahal loba pisan karya sastra Sunda anu mangrupa novél téh, malah dina rupa-rupa eusi carita. Di luhur geus disebutkeun karya sastra kaasup kana budaya lantaran mangrupa hasil cipta tina ide gagasan manusa. Sagedéngeun éta, karya sastra ogé miboga sababaraha ajén nu geus disebutkeun tadi nu diantarana ajén budaya téa. Numutkeun Koentjaraningrat (2002: 186) budaya dibagi kana tilu aspék kahirupan. Nu kahiji minangka kompléks ide-ide, gagasan, ajén, norma, peraturan-peraturan, jeung sajabana. Nu kadua minangka aktivitas laku lampah manusa dina hirup kumbuhna di masarakat. Nu katilu minangka wujud-wujud barang hasil karya manusa. Éta aspék kabudayaan téh raket pisan patalina jeung kahirupan. Moal mungkin ayana aktivitas-aktivitas lamun teu dimimitian ku pikiran ide jeung gagasan mah, jeung salila urang boga aktivitas urang pasti butuh sarta bisa ngahasilkeun nu disebut karya téa. Salian ti wujud kabudayaan ditétélakeun ogé ngeunaan unsur-unsur kabudayaan saperti (1) basa; (2) sistem pangaweruh; (3) sistem jeung organisasi kamasarakatan; (4) sistem téknologi; (5) sistem pakasaban; (6) sistem religi jeung upacara kaagamaan; jeung (7) kesenian. Ulikan ngeunaan unsur budaya dina karya sastra saperti novél masih langka kénéh dilakukeun, kaasup ulikan budaya kana novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Panalungtikan nu aya réréana ajén budaya dina wawacan saperti “Analisis struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Sulanjana” ku Diana Darnia, 2004, “Analisis Struktur Carita jeung Ajén Budaya Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin pikeun Bahan Pangajaran di SMP” ku Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4 Nenden Nurwendah, 2009, “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Babad Cirebon” ku Dini Siti Oktaviani, 2007, “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Wawacan Panji Kusumah pikeun Bahan Pangajaran” ku Nenden Sri Utari, 2010, jeung “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf” ku Eva Novianti, 2004. Ku kituna, panalungtikan anu judulna “Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana Karangan Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA” dilaksanakeun. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Pedaran ngeunaan karya sastra nu mekar di Tatar Sunda téh lega pisan ditilik boh tina eusina boh tina wangunna. Novél minangka karya sastra wangun lancaran. Karya sastra wangun lancaran téh lain ngan ukur novél hungkul, tapi aya kénéh carpon jeung dongéng. Novél jadi bahan ulikan lantaran eusina kompléks, bisa ditaratas tina rupa-rupa aspék boh strukturna boh unsur eksternalna saperti unsur-unsur budaya. Unsur budaya nu rék diulik nya éta (1) basa, (2) sistem pangaweruh, (3), sistem jeung organisasi kamasarakatan (4), sistem téhnologi (5) sistem pakasaban, (6) sistem religi jeung upacara kaagamaan, jeung (7) kesenian. Struktur dina ieu panalungtikan nyoko kana struktur intrinsik nu ngawengku (1) téma, (2) galur, (3) palaku, (4) latar, (5) judul, (6) point of view, jeung (7) gaya basa. Kulantaran kitu, sangkan puguh pedaranana tur ambahanana teu lega teuing, ieu panalungtikan baris diwatesanan kana struktur intrinsik novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana sarta unsur budaya anu nyampak dina éta novél. 1.2.2 Rumusan Masalah Saluyu jeung pedaran di luhur, sangkan anu dianalisis jeung dipedar dina ieu panalungtikan puguh bahasanana, di handap ieu diébréhkeun rumusan masalahna, nya éta: Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5 1) Kumaha kahanan novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar? 2) Kumaha struktur intrinsik novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar? 3) Naon waé unsur budaya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar? 4) Naha bisa unsur intrinsik jeung unsur budaya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar dijadikeun bahan ajar aprésiasi sastra di SMA? 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Tujuan umum tina diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun struktur intrinsik novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana sarta unsur budaya naon waé anu nyampak dina ieu novél, sangkan bisa dijadikeun bahan pikeun ngajembaran pangaweruh masarakat balaréa ngeunaan novél di Tatar Sunda sarta strukturna jeung unsur budaya hususna budaya Sunda anu dilakonan ku tokoh-tokoh dina ieu novél. 1.3.2 Tujuan Husus Anu jadi tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun: 1) Kahanan Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar, 2) struktur intrinsik novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar, 3) unsur budaya anu nyampak dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar, jeung 4) cocog henteuna struktur intrinsik jeung unsur budaya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di SMA. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 6 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis Ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan novél di Tatar Sunda sarta strukturna ogé ajén budaya hususna budaya Sunda anu dilakonan ku tokoh-tokoh dina ieu novél. 1.4.2 Mangpaat Praktis a. Pikeun Siswa Mangpaat ieu panalungtikan pikeun siswa nya éta nambahan pangaweruh ngeunaan novél-novél anu gelar tur mekar di Tatar Sunda. Salian ti éta ogé pikeun neuleuman leuwih jero deui struktur intrinsik karya sastra jeung mikawanoh nu ngaranna unsur budaya anu aya dina karya sastra. b. Pikeun Guru Mangpaat ieu panalungtikan pikeun guru nya éta salian ti nambahan pangaweruh guru ngeunaan struktur intrinsik jeung unsur budaya anu aya dina karya sastra novél, ogé pikeun ngébréhkeun ka siswana ngeunaan ngeunaan jejer tadi sangkan siswana leuwih kairut diajar kasundaan boh bahasana boh karya sastrana. c. Pikeun Pangajaran Mangpaat ieu panalungtikan pikeun bahan pangajaran nya éta bisa dijadikeun matéri ajar dina kompeténsi dasar maca sempalan karya sastra novél anu aya di SMA kelas XI. Sok sanajan paréntahna ukur maca sempalan novél, tapi siswa bakal leuwih ngarti tur kairut upama diébréhkeun ogé struktur intrinsik jeung unsur budayana. 1.5 Sistematika Nyusun Skripsi Ieu panalungtikan disusun dina lima bab. Bab I mangrupa bagéan mimiti tina skripsi anu eusina medar ngeunaan bubuka. Bubuka eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika nyusun skripsi. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 7 Bab II medar ngeunaan tiori anu patali jeung panalungtikan “Struktur jeung Unsur Budaya dina Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA” minangka dadasar dilaksanakeunna panalungtikan, anu ngawengku novél, struktur intrinsik, unsur budaya, jeung bahan pangajaran aprésiasi sastra. Bab III medar ngeunaan métodologi panalungtikan anu ngawengku métode panalungtikan, téknik panalungtikan, instrumén panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data jeung wangenan operasional. Bab IV mangrupa analisis struktur intrinsik novél, analisis unsur budaya novél, sarta analisis cocog henteuna hasil panalungtikan dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di SMA. Bab V eusina nya éta kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran pikeun nu nyusun hususna jeung pikeun nu maca umumna. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data Data dina ieu panalungtikan nya éta struktur intrinsik jeung unsur-unsur budaya dina karya sastra Sunda. Lantaran panalungtik ngagunakeun dokuméntasi anu datana mangrupa dokumén, jadi sumber data nu digunakeun pikeun meunangkeun data basa dina tulisan nya éta dina novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar nu diterbitkeun ku Pusat studi Sunda citakan ka-4 taun 2011. Ukuran buku 21 cm x 14 cm. Kandelna nya éta 164 kaca anu diwangun ku 22 bab. Ieu novél mangrupa séri ka-opat dina runtuyan novél sajarah karajaan Sunda meunang Yoséph Iskandar, sarta novél ieu dilélér Hadiah Sastra Rancagé taun 1992. 3.2 Desain Panalungtikan Ieu panalungtikan kaasup kana panalungtikan dasar (grounded theory) tur maké pamarekan kualitatif. Panalungtikan dasar atawa grounded theory mangrupa panalungtikan anu miboga tujuan pikeun meunangkeun tiori ngaliwatan data. Pikeun ieu panalungtikan, data mangrupa aspék pangpentingna lantaran numutkeun ieu panalungtikan mah hiji konsép bisa diwangun ku kumpulan data nu geus dianalisis. Hasil prosés ngumpulkeun sarta nganalisis data mangrupa hiji tiori. Ari pamarekan kualitatif dina panalungtikan téh nya éta pamarekan anu ngandekeun kana data nu dimeunangkeun sarta nafsirkeun data sacara narasi atawa ngingkahan cara statistik jeung itungan. Ku kituna, dina ieu panalungtikan dilaksanakeun prosés ngumpulkeun jeung nganalisis data. Desain dina ieu panalungtikan bisa dibagankeun saperti ieu di handap. 40 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 41 Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Nangtukeun masalah Ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah Nangtukeun jeung nyieun instrumén Ngumpulkeun data Nganalisis data Ngadéskripsikeun data Nyieun kacindekan 3.3 Métode Panalungtikan Métode nya éta cara nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan gumantung kana tujuan panalungtikan, sipat masalah nu digarap, sarta alternatif-alternatif séjénna. Métode nu bisa dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Nu nyusun miboga tujuan sangkan bisa nepikeun jeung ngabahas ngeunaan struktur carita luyu jeung tiori Stanton sarta unsur budaya anu nyampak dina novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana luyu jeung tiori unsur kabudayaan universal. 3.4 Wangenan Operasional Judul ieu panalungtikan nya éta “Struktur jeung Unsur Budaya dina Novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karangan Yoséph Iskandar pikeun Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 42 Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA”. Sangkan aya gambaran, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, diantarana: a. Struktur intrinsik Struktur nya éta bagéan-bagéan anu ngawangun hiji hal. Upamana dina karya sastra, struktur dina karya sastra nya éta unsur-unsur anu ngawangun karya sastra sangkan hiji karya sastra jelas tur lengkep eusi jeung tujuanna. Struktur dina ieu panalungtikan nyoko kana struktur intrinsik carita anu ngawengku : (1) téma; (2) palaku; (3) galur; (4) latar; (5) judul; (6) gaya basa; jeung (7) puseur sawangan. b. Unsur budaya Unsur budaya nya éta bagéan-bagéan anu ngawangun hiji kabudayaan. Unsur di dieu jembar wangenanna. Ku kituna sangkan teu bulat-beulit tur malapah gedang, unsur budaya dina ieu panalungtikan nyoko kana : (1) basa; (2) sistem pangaweruh; (3) sistem jeung organisasi kamasarakatan; (4) sistem téknologi; (5) sistem pakasaban; (6) sistem religi jeung upacara kaagamaan; jeung (7) kesenian. c. Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana Novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Novel nya éta salasahiji karya sastra wangun lancaran atawa prosa anu panjangna leuwih panjang dibanding carpon sarta eusina nyaritakeun kajadian sapopoé tapi palaku jeung kajadianna leuwih loba sarta leuwih kompleks. Novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana mangrupa salasahiji novel karya Yoséph Iskandar anu masih aya patula-patalina jeung novel Perang Bubat. d. Bahan ajar aprésiasi sastra nya éta bahan ajar anu ngawengku aprésiasi sastra anu bentukna prosa jeung puisi. Dina ieu hal nya éta aprésiasi sastra prosa nya éta novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Jadi nu dimaksud “Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana Karangan Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA” nya éta panalungtikan anu nalungtikan anu Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 43 nalungtik struktur intrinsik jeung unsure budaya anu nyampak dina novel pikeun dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra prosa SMA kelas XI. 3.5 Instrumén Panalungtikan Data dina ieu panalungtikan nya éta sakumna hasil analisis struktur jeung unsur budaya dina novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Dina tahapan ngumpulkeun jeung nganalisis data tangtuna ngagunakeun instrumén. Instrumén nya éta alat anu dipaké ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data. Dina ieu panalungtikan, dipaké instrumén nu mangrupa kartu data anu fungsina pikeun nyimpen data-data nu dianalisis. Gambar 3.1 Conto Kartu Data Analisis Struktur Intrinsik Kode data : Struktur nu dianalisis : Cutatan : Gambar 3.2 Conto Kartu Data Analisis Unsur Budaya Kode data : Unsur nu dianalisis : Cutatan : Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 44 Gambar 3.3 Conto Analisis Struktur Intrinsik Kode data : 4/11/65/5 Struktur nu dianalisis : Latar “Angin beurang ngahiliwir di Sanghiyang Linggahiyang. Prabu Wangisutah jeung Rakéan Hujung piligenti nyaritakeun pangalaman salila lalampahan ka Nagri Majapait.” Cutatan : Gambar 3.4 Conto Analisis Unsur Budaya Kode data : 4/3/28/1 Unsur nu dianalisis : Téknologi (pakarang) Cutatan : “Dua jamparing dialak-ilik ku Prabu Wangisutah jeung Rakéan Hujung.” Dina pengkodean data, dilakukeun dumasar unsur nu dianalisis. Data nu ditulis dina pengkodean nya éta struktur intrinsik/unsur budaya, urutan data, jeung kaca data anu aya dina sumber data. Contona dina pengkodean analisis struktur intrinsik aya kode 4/11/65/5. 4 mangrupa kode pikeun latar, 11 mangrupa kode urutan data, 65 mangrupa kode kaca, sarta 5 mangrupa kode paragraf. Kode pikeun analisis unsur intrinsik nya éta (1) téma; (2) galur; (3) palaku; (4) latar; (5) puseur sawangan; jeung (6) gaya basa. Kitu ogé dina pengkodean unsur budaya dina novél. Contona nya éta 4/3/28/1. 4 mangrupa kode téknologi, 3 mangrupa kode urutan data, 28 mangrupa Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 45 kode kaca, sarta 1 mangrupa kode paragraf. Kode pikeun nganalisis unsur budaya nya éta (1) basa; (2) sistem pangaweruh; (3) sistem organisasi jeung kamasarakata; (4) téknologi; (5) sistem pakasaban; (6) sistem réligi jeung upacara kaagamaan; jeung (7) kasenian. Salian ti ngagunakeun kartu data, dina ieu panalungtikan digunakeun sistem tabél atawa sistem tabulasi pikeun nganalisis unsur-unsur karya sastra anu aya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Udaganana nya éta sangkan gampang dina nganalisis data sarta gampang nyieun kacindekan. Dina ieu tabél nu dianalisis nya éta struktur intrinsik dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana dumasar kana unsur karya fiksi beunang Robert Stanton. Tabél 3.1 Sistem Papasingan Unsur Intrinsik Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana No. Unsur Intrinsik Data Kode Data (1) (2) (3) (4) 1. Téma 2. Galur 3. Palaku 4. Latar (tempat/waktu/suasana) 5. Puseur Sawangan (Point of view) 6. Gaya Basa Salian ti nganalisis unsur intrinsik, dina ieu panalungtikan dianalisis ogé unsur budaya anu nyampak dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Ieu di handap mangrupa tabél nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data unsur budaya sangkan gampang dianalisisna jeung nyieun kacindekan tina ieu panalungtikan. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 46 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 47 Tabél 3.2 Sistem Papasingan Unsur Budaya No. Unsur Budaya Data Kode Data (1) (2) (3) (4) 1. Basa 2. Sistem Pangaweruh 3. Sistem jeung organisasi kamasarakatan 4. Sistem téknologi 5. Sistem pakasaban 6. Sistem réligi jeung upacara kaagamaan 7. 3.6 Kasenian Téhnik Ngumpulkeun Data Dumasar kana métode anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan, téhnik panalungtikan anu dipaké nya éta téhnik ulikan pustaka. Téhnik ulikan pustaka nya éta kagiatan maca buku nu raket patalina jeung masalah panalungtikan. Data nu dipaké ku panalungtik nya éta novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana citakan kadua anu medal taun 2011 ku pamedal Kiblat. Dina ieu panalungtikan, téhnik ulikan pustaka digunakeun pikeun néangan data atawa informasi anu aya patalina jeung tiori ngeunaan struktur novel jeung ajén budaya anu nyampak dina novel Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data nya éta ; 1) Maca sagemblengna téks novél; 2) Nyirian data anu aya patalina jeung unsur intrinsik sarta unsur kabudayaan; 3) Ngasupkeun data-data nu geus dicirian kana kartu data sangkan babari nganalisisna. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 48 3.7 Téhnik Ngolah Data Téknik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta analisis data. Téknik analisis data pikeun nganalisis struktur intrinsik anu kawengku dina unsur-unsur carita sarta unsur-unsur kabudayaan anu aya dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Léngkah-léngkahna di antarana : a. Nganalisis data nu geus dikumpulkeun; b. Ngadéskripsikeun; c. Ngainterprétasikeun data luyu jeung tiori tatapakanna; d. Nyusun bahan pangajaran maca kelas XI; e. Nafsirkeun data; jeung f. Nyindekkeun hasil analisis data. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan Dumasar hasil analisis data dina bab IV, aya sababaraha hal anu bisa dicindekkeun : a. Kahanan Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana magrupa novél anu nyaritakeun mangsa digjayana karajaan Sunda. Dina ieu novél, mimitina karajaan Sunda masih diratuan ku Prabu Bunisora Suradipati, adina Maharaja Linggabuana anu tiwas suci di Bubat. Tapi Prabu Bunisora Suradipati geus hayang ngécagkeun kalungguhanna sarta ngistrénan Prabu Wangisutah pikeun jadi gagantina. Mimitina Prabu Wangisutah nolak lantaran masih boga kapanasaran ngeunaan Gajah Mada jeung Karajaan Majapait. Sanggeus kapanasaranna cacap, Prabu Wangisutah sayaga dijenengkeun jadi Ratu Nagri Sunda. Sanggeus kitu, Nagri Sunda digjaya sarta beuki tohaga dina pingpinan Prabu Wangisutah. b. Struktur intrinsik Novél Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana bisa dianalisis struktur intrinsik sarta unsur budayana pikeun dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di SMA. Struktur intrinsik nu dianalisis dina ieu pananglutikan nya éta téma, galur, palaku, latar, judul, puseur sawangan, jeung gaya basa. Téma dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana nya éta ngeunaan pamingpin nu miboga sikep tanggungjawab kana pancénna, sarta tara sagawayah dina milampah tiap hal. Nu bisa ngadalikeun hawa napsu nu bakal mawa kagoréngan. Sarta miboga sikep toléransi kana ageman séjén. Galurna kaasup kana galur mérélé atawa maju. Lantaran péréléan kajadianna tuluy maju sacara témporal, henteu nyaritakeun kajadian anu saméméhna atawa nyawang ka tukang sarta henteu bulak-balik. 145 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 146 Dina ieu novél kacatet aya 104 palaku. Nu jadi palaku utama dina ieu novél nya éta Prabu Wangisutah. Prabu Wangisutah mangrupa puseur dina carita, Prabu Wangisutah nu ngalalakon ti mimiti nepi ka ahirna. Palaku kadua dina ieu novél aya 10 palaku. Sakabéh palaku kadua mangrupa palaku nu raket patalina jeung Prabu Wangisutah sarta mangaruhan kana jalan carita. Palaku tambahan dina ieu novél loba pisan. Lantaran Prabu Wangisutah sababaraha kali alampahan ka tempat-tempat anu jauh. Ku kituna, dina unggal wewengkon pasti aya palaku nu miboga peran dina ngajeujeuhkeun atawa ngan saukur nuduhkeun jalan ka Prabu Wangisutah. Dina ieu novél, latar tempat anu kagambarna loba pisan lantaran mindengna palaku utama ngalaksanakeun lalampahan. Latar waktu jeung latar suasana nu jadi panglengkep tina latar tempat teu salawasna kagambar sacara éksplisit atawa disebutkeun langsung. Lantaran aya sawatara latar waktu jeung latar suasana nu kudu ditafsirkeun heula tina cutatan caritana. Najan kitu, teu weléh aya waé latar waktu jeung latar suasana nu teu kapaluruh atawa teu bisa ditafsirkeun lantaran informasi nu dimeunangkeun tina cutatan caritana kawatesanan. Sacara gurat badag, latar dina ieu novél bisa dibagi dua, nya éta Nagri Sunda jeung Nagri Majapait. Ieu hal patali jeung lalampahan nu dilaksanakeun ku Prabu Wangisutah. Puseur sawangan nu digunakeun dina ieu novél nya éta caturan jalma katilu. Caturan jalma katilu anu digunakeunna nya éta nu teu kawatesanan atawa sarwa terang. Dina caturan jalma katilu sarwa terang ieu, pangarang nyoko kana kabéh karakter sarta nempatkeun karakterna di jalma katilu lantaran sok disebutkeun ngaranna langsung atawa maké kecap sulur manéhna. Pangarang ogé bisa nieun karakter-karakterna sarwa nempo, sarwa ngadéngé, jeung sarwa nyaaho. Pangarang bisa nempo kana alam pikiran palaku sarta nyaho naon eusi batinna para palaku. Sedengkeun gaya basa nu dipaké nya éta ya gaya basa babandingan, mindoan, paradoks, mijalma, lalandian, hiperbola, babasan, paribasa, jeung basa buhun. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 147 c. Unsur Budaya dina Novél Salian ti struktur intrinsik, nu dianalisis dina ieu pananglutikan ogé nya unsur budaya. Unsur budaya nu dipedar nyoko kana tujuh unsur budaya nurutkeun Koentjaraningrat nya éta basa, sistem pangaweruh, sistem jeung organisasi kamasarakatan, sistem téknologi, sistem pakasaban, sistem religi jeung upacara kaagamaan, jeung kesenian. Unsur basa nu kapanggih dina ieu novél aya lima, basa kawi, basa Jawa, basa Sunda, kecap serepan tina basa Arab, jeung basa Sunda buhun. Sedengkeun sistem pangaweruh anu kapanggih dina ieu novél kasampak dina pangaweruhna ngeunaan alam, nya éta ngeunaan tutuwuhan anu bisa di dahar. Dina ieu novél, teu kacarikateun ngeunaan cara ngubaran. Aya ogé dina ngubaran, ngagunakeun kasaktén, nya éta tenaga dalam. Jadi teu maké unsur alam. Dina ieu novél, katitén sawatara hal anu kaasup kana sistem jeung organisasi kamasarakatan, di antarana nya éta ngeunaan ngaran pangkat di lingkungan karajaan jeung gotong royong dina ngawangun parigi. Aya sababaraha sistem téknologi anu kapanggih dina ieu novél. Téknologi sorangan nya éta pakakas anu bisa bisa nyieun pagawéan manusa karasa leuwih gampang. Téknologi nu kapanggih dina ieu novél nya éta alat-alat produktif, pakarang, wadah, pakakas pikeun ngahurungkeun seuneu, dahareun jeung inuman, pakéan, patempatan, jeung alat transportasi. Pakasaban anu kapanggih dina ieu novél loba rupana. Nepika aya kana 18 rupana. Éta kabéh pakasaban urang Sunda lumrahna. Sistem réligi jeung upacara kaagamaan nu kapanggih dina novél aya sababaraha rupa, di antarana nya éta agama Hindu Wisnu, agama Hindu Siwa, agama Budha, agama Islam, jeung agama Karuhun Sunda. Iwal ti upacara-upacara kaagamaanna. Nu disorot dina ieu novél nya éta upacara kaagamaan nu aya di ageman karuhun Sunda lantaran dina wengkuan daérah karajaan jeung sabudeureunna mah masih ngaragem agama Karuhun Sunda. Unsur nu terakhir nya éta kasenian. Dina ieu novél aya rupa-rupa Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 148 kasenian anu kagambar. Di antarana waé aya tarawangsa, kacapi, pantun, dogdog, calung, gending karesmén, jsb. d. Bahan Ajar Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Novél Ieu novél bisa dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di tingkat SMA dumasar kana SKKD pangajaran basa sunda di SMA ngeunaan maca sempalan novél. Dina maca sempalan novél ieu, siswa ogé diperedih pikeun maham lain ngan saukur novél nu dibacana hungkul, tapi ogé jeung struktur intrinsik novél. Di dieu aya pangdeudeul dina unsur budaya. Sangkan siswa leuwih kairut deui dina mata pelajaran basa Sunda pangajaran aprésiasi sastra. 5.2 Saran Novél Sunda mangrupa karya sastra nu masih dianggap anéh ku sawatara masarakat kaasup siswa sakola. ukur komunitas nu tangtu hungkul nu biasana nyaho kana kaayaan karya sastra Sunda. Ku kituna pangajaran aprésiasi sastra ngeunaan maca novél ieu penting pisan. Lantaran loba kénéh novél Sunda nu can kapaluruh sarta can ditalungtik. Aya sababaraha saran nu baris ditepikeun dina ieu panalungtikan, di antarana : 1) Leuwih ngeuyeuban deui panalungtikan ngeunaan novél boh strukturna boh unsur budayana. Lantaran panalungtikan ngeunaan unsur-unsur atawa ajén budaya dina novél masih langka. Béda jeung panalungtikan ajén budaya dina wangun wawacan nu geus réa. 2) Hasil ieu panalungtikeun dilarapkeun pikeun bahan ajar pangajaran aprésiasi sastra. 3) Dipiharep para guru ngawasa matéri nalika nepikeun pangajaran ngeunaan novél, lain ngan saukur sacara tiori, tapi kaasup eusi novélna. Lantaran siswa bakal ngarasa kairut upama guru bisa nyaritakeun eusi novélna kalawan hadé. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA Aminuddin. (2004). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo. __________. (1995). Stilistika pengantar Memahami Bahasa dalam Karya Sastra. Semarang: IKIP Semarang Press. Badudu, J. S. (1981). Sari Kesusatreraan Indonesia. Bandung: CV. Pustaka Prima. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: CV. Kiblat. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Jawa Barat. Ekadjati, E. S. (2009). Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan Sejarah). Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. Faturrohman, T., Soesanto, H., dan Tamsyah, B. R. (2007). Pamager Basa XI. Bandung: Geger Sunten. Haerudin, D., spk. (2010). Peperenian Urang Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Hamdani, M. Y. (2013). Analisis Struktural Novél Tri Tangtu di Bumi Karya Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Maca di Kelas XI. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan. Iskandar, Y. (2011). Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Bandung: Pusat Studi Pustaka. Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV. Geger Sunten. Isnendes, R. (2008). Panyawangan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. _________. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing. 149 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 150 Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: PT. Gramedia. ______________. (2002). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Koswara, D. (2009). (Diktat) Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Lubis, H. H. (1988). Glosarium Bahasa dan Sastra. Bandung: Angkasa. Nursyamsiah, N. A. (2009). Materi Pengayaan Novel. Bandung: tidak diterbitkan. Permana, R. (2007). Apresiasi Prosa jeung Drama. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Ruhaliah. (2002). (Diktat) Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. ________. (2010). (Diktat) Sajarah Sunda Saméméh Perang Kamerdékaan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Rusyana, Y., spk. (1979). Kegiatan Apresiasi Sastra Indonesia Murid SMA Jawa Barat. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. Stanton, R. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra. Sudaryat, Y, Kosasih, D, dan Haerudin, D. (2007). Makaya Basa jeung Sastra Sunda (Pangdeudeul MKKT). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Sudjiman, P. (1988). Memahami Cerita Rekaan. Jakarta: Pustaka Jaya. Sugihastuti. (2011). Teori dan Apresiasi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Tamsyah, B. R., An’ Nur, dan Purmawati, T. (1996). Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Bandung: CV. Pustaka Setia. Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: universitas Pendidikan Indonesia. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 151 Utari, N. S. (2010). Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Wawacan Panji Kusumah pikeun Bahan Pangajaran di SMP. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan. Wojowasito, S. (Hak Cipta 1912). Kamus Kawi – Indonesia. Bandung: Angkasa Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dokumen baru
Aktifitas terbaru
Penulis
123dok avatar

Berpartisipasi : 2016-09-17

Dokumen yang terkait
Tags

STRUKTUR INTRINSIK JEUNG UNSUR BUDAYA DINA NO..

Gratis

Feedback